Cangcaya


Tuh saksina kembang bodas sisi kulon nu tos layu mekaran deui

Tuh saksina kalakay hideung  handap ceremé nu konéngna séép ku panon poé

angin ngahiliwir ngusap tiung alon alon, ngurangan beurat ambeukan nahan jero rasa kasono

Saban isuk di tempoan
saban soré di tungguan
ngan saukur susuganan

Dalah teuing dikumaha,
bet ku téga mawa ombak sagara ka talaga
babales sadaya rasa kamelang
nyingsieunan nyai nu badé linggih satia maturan akang

ngagoak,
ngoceak,
cisoca ngeclak kana raheut, eu-euriheun

Cangcaya Cangcaya Reviewed by Hanum on January 22, 2017 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.